19. Awakna jangkung badag siga . . . pangisina.
B. Daerah
rafimutaqin32
Pertanyaan
19. Awakna jangkung badag siga . . . pangisina.
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
"Awakna jangkung badag siga wayang pangsisina", kalimah eta teh ngandung gaya basa anu disebut gaya basa lalandihan, nyaeta dina kekecapan "wayang pangsisina". Harti lalandihan "wayang pangsisina" nyaeta jalma anu euweuh gawena. Awakna jangkung badag, tapi euweuh gawena.
Gaya basa Lalandihan nyaeta gaya basa anu ngebrehkeun hiji hal ku cara make babandingan atawa ku cara mere panglandi. Aya dua rupa gaya basa lalandihan, nyaeta anu disebut pideudeuh jeung ocon. Anu dimaksud pideudeuh nyaeta yen ngalandina teh pedah mikalucu. Sedengkeun anu dimaksud ocon nyaeta ngalandi pikeun ngaheureuyan. Jadi "wayang pangsisina" kaasup kana lalandihan ocon.