B. Daerah

Pertanyaan

Harti kecap ngalungsar

1 Jawaban

  • Harti kecap ngalungsar

    Jawaban

    Pendahuluan

    Kecap ngalungsar teh bisa nunjukkeun harti diuk atawa ngagoler. Dina basa Sunda aya sawatara kecap anu nunjukkeun harti diuk. Sawatara conto anu nunjukkeun diuk nyaeta saperti candeluk anu hartina diuk sabaraha lila kawas aya nu didagoan, ngabaheuhay hartina diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun, biasana lantaran cape.  

    Pembahasan

    Kecap ngalungsar teh hartina bisa diuk (diuk ngalungsar) atawa bisa oge ngagoler. Diuk ngalungsar hartina bisa sarua jeung diuk nyanghunjar. Kecap nyanghunjar oge aya dua rupa, nyaeta nyanghunjar jeung nyanghunjar lambar.  

    Nyanghunjar hartina nyaeta diuk bari ngalonjorkeun suku sabeulah. Sedengkeun nyanghunjar lambar hartina nyaeta diuk bari ngalonjorkeun suku duanana.  

    Kesimpulan

    Dina basa Sunda aya sawatara kecap pikeun nunjukkeun diuk atawa ngagoler. Kecap ngalungsar bisa hartina sarua jeung nyanghunjar atawa oge ngabaheuhay.

    Pelajari lebih lanjut

    1. Diuk nyangsaya https://brainly.co.id/tugas/586574

    2. Diuk sidengdang https://brainly.co.id/tugas/7636043

    -----

    Detil Jawaban

    Kelas : XI (2 SMA)

    Mapel : Bahasa Sunda - Pedaran Budaya Sunda

    Bab : 6

    Kode : 11.13.6

    Kata Kunci : Ngalungsar, nyanghunjar, ngabaheuhay

Pertanyaan Lainnya