nurutkeun pepeling, kanyaah indung teh ...
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Nurutkeun pepeling, kanyaah indung teh teu aya tungtungna. Pepeling teh biasana aya dina hiji puisi, saperti pupujian atawa sajak.Aya sawatara rupa puisi Sunda. Ditilik tina wangun eusina aya dua rupa puisi nyaeta puisi nu eusina mangrupa carita jeung puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Pupujian jeung sajak kaasup kana puisi nu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda nu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan jeung carita pantun.
Pembahasan
Pepeling leuwih sering aya dina pupujian, sabab pepeling teh mangrupa salah sahiji rupa tina eusi pupujian. Nurutkeun eusina, aya pupujian nu mangrupa muji atawa ngagungkeun Allah SWT, sholawat ka Nabi Muhammad SAW, pepeling pikeun ka sakabeh jalma, doa atawa ampun ka Allah SWT, sarta pangajaran agama Islam. Pupujian biasa dihaleuangkeun di mesjid atawa madrasah samemeh sholat atawa diajar agama Islam.
Pelajari lebih lanjut
- Naon anu dimaksud pupujian teh https://brainly.co.id/tugas/12851857
- Conto judul pupujian https://brainly.co.id/tugas/6236234
- Bedana pupujian jeung sajak https://brainly.co.id/tugas/14375844
__________
Detil Jawaban
Kelas : III
Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Bab : 8
Kode : 3.13.8
Kata Kunci : Kanyaah indung teh teu aya tungtungna