Naon sababna sajak make disebut beda jeung carpon?
B. Daerah
naisalmut
Pertanyaan
Naon sababna sajak make disebut beda jeung carpon?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda
Kelas : - (SD)
Pembahasan :
Sajak nyaeta karya sastra dina wangun ugeran atawa puisi. Sedengkeun carpon atawa carita pondok nyaeta karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Anu ngabedakeun wangun ugeran jeung wangun lancaran nyaeta yen kekecapan anu aya dina wangun ugeran, saperti sajak, mah dibatesan ku jumlah engang dina unggal padalisan jeung jumlah padalisan dina unggal pada, sanajan dina sajak mah batesannana henteu pasti, sedengkeun kekecapan anu aya dina wangun lancaran, saperti carpon, mah wangunna bebas, henteu dibatesan ku padalisan jeung pada.
Salian ti eta, kekecapan anu aya dina wangun ugeran, saperti sajak, biasana miboga harti anu samar-samar atawa kurang jelas, saperti miboga hari konotatif jeung denotatif, anu ngarang dina wangun ugeran oge memang sok biasa nyamarkeun harti anu aya dina unggal kecap. Sedengkeun kekecapan anu aya dina wangun lancaran, saperti carpon, biasana miboga harti anu jelas, anu ngarang dina wangun lancaran ngupayakeun sangkan kekecapan anu aya jelas jeung langsung kaharti ku anu macana.